Kamis, 23 Januari 2014

CONTOH SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta:

1. Rarakitan 
           Rarakitan nyaeta salah sahiji wangun sisindiran anu mentingkeun papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi.
.Conto sisindiran RARAKITAN

Rarakitan Anu Sifatna Silih Asih :

Hate burih meni murah
Ningal jawer meni ipis
Hate ieu meni bungah
Ningal eneng anu geulis



Rarakitan Anu Sifatna Piwuruk :

Ulah loba barang hakan
Bisi tuluy ngagendutan
Ulah loba bobogohan
Bisi tuluy kikituan



Rarakitan Anu Sifatna Sesebred :

Eta naon jiga dodol
Ngajelepeng rada bau
Eta naon nu ngajendol
Ngajelepeng jiga cau



2. Paparikan
           Paparikan asal kecap na tina parek ,hartina deukeut. nu dimaksud deuket di dinya nyaeta deukeut sora vokal na, utamana sora vocal dina engang panungtung.
.Conto sisindiran PAPARIKAN :

Paparikan Anu Sifatna Silih Asih :

Aya kungkang dina pare
Katempona jiga banteng
Aduh akang hese sare
Emut wae raray eneng




Paparikan Anu Sifatna Piwuruk :

Baju heubeul tereh soeh
Baju kaos eukeur ngetren
Mun hayang awewe soleh
Neangan na ka pasantren



 
Paparikan Anu Sifatna Sesebred :

Katempona jiga cau
Diasaan asa sawo
Eta naon meni bau
Pas dicabak ngagelewo


3.Wawangsalan
         Wawangsalan nyaeta karangan nu diwangun ku sindir jeung eusi. dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsalna.
Conto wawangsalan :

Aya liang pinuh bulu
Mun ditojos tuluy pundung
Wangsalna : Irung


Kuring buleud tina aci
Pagawean dicarolok
Wangsalna : Cilok


Sok dilandi manuk jurig
Rada lindeuk mun tibeurang
Wangsalna : Bueuk


Cai kiruh dijualan
Dijualan ku mang jagur
Wangsalna : Bajigur